Selamat Datang

Selamat Datang

Kamis, 06 September 2018

PRIHATIN KELANA DUKA

Aduh geulis
Sanajan bari tunggara nu teu aya hinggana
Akang kapaksa nulis ieu surat
Itung-itung ngawakilan jirim akang anu panungtungan

Sataun urang riung mungpulung babarengan
Ngawalah parahu ngambah sagara katresna
Deudeuh, sugan teh poe rek bengras nepi ka sore
Teu ku hanteu maleukmeuk katutup ku mega hideung
Deuh, urang kudu papisah bageur

Tapi sok sanajan kitu akang teu bisa majar kumaha
Rek bongan, bongan kasaha, da nu salah mah ukur akang
Bongan ditakdirkeun jadi lalaki euweuh kaboga

Bral geura miang, geura jugjug sagara kabagjaan
Akang mah tong teuing jadi pikiran
Jalan sorangan masih keneh jauh

Kota Kamelang, 1977
KANG IBING (Alm.)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar